WILUJENG SUMPING DI DESA HARIANG

WILUJENG SUMPING DI BLOG URANG HARIANG
Lemboer matoeh bandjar karang pamidangan, poeseoerna katineoeng sampalan kaheman.

Lokasi Pemotretan

Lokasi gambar di Cilembang

Sabtu, 24 Januari 2015

RASA KURING

Rebun-rebun kénéh mangsa wanci carangcang tihang, geus biasa kuring tuturubun ka punduk Curug muru tampian pamandian nu pada ngajugjug ku urang lembur, boh urang Curug atawa urang Blok Saréngséng.  Geus teu bireuk saréréa ogé ka éta pamandian anu ngaranna Cilebak. Imah kuring harita pernahna persis di tonggoheun éta pamandian.  Parandéné kitu sanajan kuring pangdeukeutna ka éta tampian teu weléh kapiheulaan baé ku batur ka tampian Cilebak téh, kadang kala sok geus daratang ti subuh kenéh marawa damar keur nyaangan jajalaneun,

Cilebak, Curug, Cijabin, Cimamut, Cikandung, Cilémbang, éta patempatan anu nyidem katineung meungkeut kageugeut nguniangkeun rasa kagagas mawa rus-ras ku kawaas mangsa masih lagas. Mangsa budak nu pinuh kabungah, heureuy banyol jeung babaturan mani kagambar 'na kongkolak panon.  Kumaha nya ayeuna babaturan téh?  Di marana ayana? Asa lawas can tepung jeung kang (Dadan) Bo'ink, Juragan (Enang) Bolléd, Si Géboy (Anang), Si Walét (Diding), kuring mah harita dilandi téh Si Cineur (Yoyo).

Ras deui inget ka pupuhu Paguron Silat anu dipikaajrih, Ki Ojong, asa rumasa can bisa mulang tarima.  Hatur nuhun pangersa kana bimbingannana, alhamdulillaah sadaya pituluh pituduh ti salira katampi ka asta kalih kasangga ka lingga murda.

Teu kantun guru-guru abdi sakalih, ti SDN Hariang pon deui ti SMPN Hariang, hatur nuhun anu kahatur hampura anu kateda wiréh geuning abdi téh dugi ka danget ieu masih teu acan tiasa nembrakkeun kanyaah.

Anu utami nyanggakeun sembah sungkem sim kuring ka sesepuh pinisepuh anu parantos janten cukang lantaran gumelarna  abdi dugi ka danget ayeuna. Teu kalis pihatur ka Ua Ésoh sareng Ua Aip (Alm), Ua Cicih, Mang Adid sareng Bi Ajah, Ua Anot sakulawargi, TéÉlis sareng A Dohir, A Adang, Ceu Eros, Bi Ané, Ua Endas (Alm), Ua Édah (Alm), Ua Usa, Ua Mamah, kum ka sadayana, hapunten teu tiasa kasebat hiji-hiji.  Hatur nuhun nu kapihatur, hapunten kana samudaya kalepatan abdi ti lahir tumekaning batin.




Kenangan Masa Kuliah (KKN Mandiri di Desa Bojong Koneng KBB)