WILUJENG SUMPING DI DESA HARIANG

WILUJENG SUMPING DI BLOG URANG HARIANG
Lemboer matoeh bandjar karang pamidangan, poeseoerna katineoeng sampalan kaheman.

Lokasi Pemotretan

Lokasi gambar di Cilembang

Kamis, 24 Desember 2015

GURAT PANINEUNGAN

jalan ngembat meulah sawah 
pangturunan ti Sudiplak 
anu brasna ka Sukamantri 
estuning matri dalingding asih 
gupayna pilemburan.  



linduh iuh padusunan 
ngémploh héjo dangdaunan 
ngageuri ngagerih ati nyuat rasa 
kabengbat balik deui ka jaman baheula....



dulur....
najan waktu kalarung kasapu mangpirang taun
najan mangsa ngabelesat 
ngudar kahirupan ti jaman ka jaman
hamo metu 
mupus gurat carita kalamangsa hirup di désa

ayeuna kuring di pangumbaraan
taya geusan balik deui ka wiwitan
rus-ras kagagas 
asa jauh panineungan

pamohalan
kabéh pamohalan
geus taya deui pangbalikan
geus taya deui panyaluuhan
geus taya deui panyalindungan

aki
nini
ema 
bapa
ngaran-ngaran nu matak cumalimba mun aya nu nanya
ngaran-ngaran nu matak ngeclakkeun cimata
ngaran-ngaran nu matak tibelat
ngaran-ngaran gurat panineungan