PURNA PUPUH CAMPURSARI
WANGSIT PUSEUR BALÉBAT
(Wanci carangcang tihang di jero imah Bapa Doblang masih kénéh saré. Si Ambu ngageuingkeun Bapa Doblang.)
Si Ambu
Geura hudang, abah! Geus beurang, ieu téh!
Bapa Doblang
Mmmuuaaaah......
Lagu: HEUAY (Doel Sumbang)
(Bapa Doblang kaluar ti imah bari diharudung sarung, ker deui baé saré di téras imah. Si Ambu kaluar ti imah bari geus saged rék ka sawah bari mawa cai kopi keur Bapa Doblang. Barang ningali Bapa Doblang kérék deui di téras, atuh puguh baé si Ambu ambekeun. Terus ngadat ka si Abah.)
Si Ambu
Dasar aki-aki tujuh mulud, pangedulan béak ku manéh. Hudang abah!
Si Ambu
Pupuh Pangkur
Bapa Doblang geura hudang
Beulah wétan panon poe geus bijil
Gancang tanghi tong murungkul
Bisi diséblok minyak
Geura gawé ngabaladah sawah garu
Lain nganyam bulu mata
Saré mah cukup ti peuting
Si Ambu
Geura hudang, abah! Haya urang ka sawah!
(Bari dibanjur ku cai kopi keuna kana totopongna, atuh rancucut totopongna téh baraseuh.)
Bapa Doblang
Ambuing-ambuing ari manéhna... Totopong abah mani baraseuh kieu, mangkaning euweuh gantina. Abah mah lieur ieu téh, sigana weureu gadung.
(Bapa Doblang leumpang mawa totopong salayang-soloyong jiga nu mabok, antukna tisuksruk sarta biwirna jeding. Bapa Doblang humaregung bari nyangsangkeun totopong dina sosompang imah. Terus daratang para wanoja.)
Para Wanoja
Sekar tandak Pupuh Pangkur:
Euleuh itu Bapa Doblang
Notorogan boro baé kumis baplang
Puas nyorang weureu gadung
Beuteung bebeng lieur lanjung humaregung
Matak ogé hirup urang
Entong bedang bedegong curaling
Bisi kawas Bapa Doblang
Wawalesna tisuksruk jeung suwing.
Bapa Doblang
Pupuh Pucung
Euleuh enéng abah lain weureu gadung
Tapi lugay tapa
Meunang wangsit jampé pélét
Ngaliwatan totopong puseur balébat
Para Wanoja
Sekar tandak Pupuh Pucung:
Kaleresan abdi gaduh pangabutuh
Miharep jajaka
Bébéndé pamépés haté
Geura hiap ku wangsit puseur balébat
AS. Wanoja
Pupuh Maskumambang
Duh pamugi abah kersa nulung abdi
Ngeprakkeun kabisa
Abdi tos hoyong rarabi
Namung can pareng jodona
Para Wanoja
Sekar tandah Pupuh Maskumambang
Mugi abah luntur manah
Ngabeberah manah brantah
Papatkeun sawidak rajah
Sangkan abdi ganjang nikah.
Bapa Doblang
Sekar tandah Pupuh Maskumambang
Euleuh geulis tong salempang
Abah boga pependeman
Mun dipecak hasiatna
Moal sulaya buktina.
Bapa Doblang
Euh geulis...
Sok geura ngabérés... Urang kemat ajian pangirut kasih.
Asihan si Guntur Geni, matak guyur nini-nini.
Turutan gerakan Abah, nya!
Hey Batara Asmara.....
Nu boga cecentring asih
Awur – awur – kadieu
Pong seuh tum, pong seuh tum
Jajado jajado
Ing ter ing ter ing ter ing 2x
(Bapa Doblang mapatkeun jampé sabélongbéntor dina jero haténa)
Bapa Doblang
Nyai geulis, ku abah geus direkéskeun.
Engké nyai kadieu deui kira-kira tabuh tilu bari mawa sasajén sapuratina. Ulah poho bari mawa congcot endog.
Para Wanoja
Mangga Abah.
Lagu: HAYANG KAWIN
Bapa Doblang
Euleuh ujang
geuningan geus hayang kawin
yap kadieu tong isinan, ujang
Abah gaduh pependeman
Para Jajaka
Pupuh Mijil
Bapa Doblang nu surti nastiti
Sim abdi téh jomlo
Béak déngkak néangan awéwé
Mugi abah kersa nulung abdi
Milarian istri pikeun batur hirup
Bapa Doblang
Sekar tandak Pupuh Mijil
Deudeuh teuing incu abah
Gini hari tacan nikah
Sok kadieu urang jiad
Sangkan hidep téréh payu
Para Jajaka
Cik atuh, Bah...., tulungan abdi. Geus teu kuat hayang kawin, ngan hanjakal teu payu-payu.
Bapa Doblang
Euh kasép...
Sok geura ngabérés... Urang kemat ajian pangirut kasih.
Asihan si Guntur Geni, matak guyur nini-nini.
Turutan gerakan Abah, nya!
Héy Batara Asmara.....
Nu boga cecentring asih
Awur – awur – kadieu
Pong seuh tum, pong seuh tum
Jajado jajado
Ing ter ing ter ing ter ing 2x
(Bapa Doblang mapatkeun jampé sabélongbéntor dina jero haténa)
Bapa Doblang
Ujang…. kasép, ku abah geus direkéskeun.
Engké ujang kadieu deui kira-kira tabuh tilu bari mawa sasajén sapuratina. Ulah poho mawa hayam camani.
Para Jajaka
Mangga Abah.
Lagu: MOJANG PRIANGAN
Para Wanoja
Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban mojang priangan
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan aa aa aaaaan
Para Jajaka
Mojang anu dénok
Mojang anu donto
Matah moho nu nempo
Mojang Priangan
Umat imut lucu
Sura-seuri nyari
Kucap-kiceup sieup
Mojang Priangan aa aa aaaaan
Bapa Doblang
Bagéa eulis, kasép aya naon ieu teh?
Para Wanoja
Abah, punten ieu tawis kaasih ti abdi sadaya kanggo pangersa abah.
Bapa Doblang
Beu ambeu rébu nuhun laksa keti kabingahan, kanyaah ti hidep katampi ka asta kalih kasangga ka lingga murda mugia sing langkung seueur nu welas asih ka salira.
Bapa Doblang
Aéh ieu deuih nu kasép téh badé aya pikersaeun naon, bageur?
Para Jajaka
Teu bénten sareng nu gareulis, abah. Abdi teh gaduh hayam kukut mugia katampi janten tawis kadeudeuh ti abdi sadaya ka kersana abah.
Bapa Doblang
Hatur nuhun atuh kasép.
Tah geulis geuningan nu kasép téh saraé manah, pon kitu deui kasép...nu gareulis téh geuning geulis ka haté-haténa. Sigana nurub cupu lamun hidep jadi pasangan ngahiji ngalaki rabi.
Atuh ieu ditampi pisan ku abah.
Para Jajaka
Daék milih ka abdi urang Cimahi
Duh dapat haransi
Tak beristri
Para Wanoja
Tak percaya rayuan pemuda
Laganya anak muda
Gaya masih jejaka
Padahal cucunya
Sudah lima
Para Jajaka
Duh bukan cucu
Itu mah anaknya ana
Abang sumpah brani mati
Belum kawin tiga kali
Hey solali-lali (solali) solali-lali
Solali-solali
Wau-wau waéng
Dinda kan kupuja spanjang masa
Tidak
Kan kusunting bagaikan sekuntum bunga
Jangan
Mari dinda
Tidak
Oh mari kenalan
Jangan
Mari-mari
Tidak
Mari berkenalan
Jangan
Hey solali-lali (solali) solali-lali
Solali-solali
Wau-wau waéng
Para Wanoja
Kami berjanji
Walaupun di rantau orang
Kandaku selalu dalam kenangan
Dengkleung-dengkleung déngdék
Buah kopi raranggeuyan
Engkeun anu déwék
Ulah pati diheureuyan.
Leuleuleui leui leuleuy leuleuyan (10x)
Si Ambu
Pupuh Gurisa
Teungteuingeun ari abah
Henteu nuturkeun ka sawah
(Teungteuingeun-teungteuingeun
kuring digawé sorangan)
Didago-dago teu datang
Dasar abah pangedulan
Bapa Doblang
(Sekar tandak Pupuh Gurisa)
Naha kitu kalakuan
Datang-datang ngajak perang
Tuh tingali congcot haneut
Sarta hayam keur lawuhna
Ambu ulah waka marah
Ambu ulah waka kékih
Abah gé sami ihtiar
Buburuh maké kaweruh
Bapa Doblang
Lagu Tukang Céndol
Euleuh geuning éta naon
Aya hayam aya congcot
Meunang naon meunang naon
Na abah pinteran teuing
euleuh pinteran teuing
Si Ambu
Pupuh Sinom
Harta pada naréangan
Harti pada nyararungsi
Sabab duanana guna
Harti bisa méré bukti
Harta pon kitu deui
Bisa ngabul un dimaksud
Nedunan sakahayang
Tapi harta gampang leungit
Mungguh harti mangpaat dunya ahérat.
