nini...
aki...
gelik suling nyata sora nu sumélékét ngarorék kasimpé haté
nuyun ka nu jauh ngagupay ka nu anggang
biur sampiung ngalanglang kalangkang katukang
nganjang ka baheula
nyawang kanya'ah ema jeung bapa
nyungsi kaasih nini jeung aki
gusti....
nyata diri taya daya
mungpang kudrot irodat nu maha kawasa.....