Rebun-rebun k
én
éh mangsa wanci carangcang tihang, geus biasa kuring tuturubun ka punduk Curug muru tampian pamandian nu pada ngajugjug ku urang lembur, boh urang Curug atawa urang Blok Sar
éngs
éng. Geus teu bireuk sar
ér
éa og
é ka
éta pamandian anu ngaranna Cilebak. Imah kuring harita pernahna persis di tonggoheun
éta pamandian. Parand
én
é kitu sanajan kuring pangdeukeutna ka
éta tampian teu wel
éh kapiheulaan ba
é ku batur ka tampian Cilebak t
éh, kadang kala sok geus daratang ti subuh ken
éh marawa damar keur nyaangan jajalaneun,
Cilebak, Curug, Cijabin, Cimamut, Cikandung, Cil
émbang,
éta patempatan anu nyidem katineung meungkeut kageugeut nguniangkeun rasa kagagas mawa rus-ras ku kawaas mangsa masih lagas. Mangsa budak nu pinuh kabungah, heureuy banyol jeung babaturan mani kagambar 'na kongkolak panon. Kumaha nya ayeuna babaturan t
éh? Di marana ayana? Asa lawas can tepung jeung kang (Dadan) Bo'ink, Juragan (Enang) Boll
éd, Si G
éboy (Anang), Si Wal
ét (Diding), kuring mah harita dilandi t
éh Si Cineur (Yoyo).

Ras deui inget ka pupuhu Paguron Silat anu dipikaajrih, Ki Ojong, asa rumasa can bisa mulang tarima. Hatur nuhun pangersa kana bimbingannana, alhamdulillaah sadaya pituluh pituduh ti salira katampi ka asta kalih kasangga ka lingga murda.
Teu kantun guru-guru abdi sakalih, ti SDN Hariang pon deui ti SMPN Hariang, hatur nuhun anu kahatur hampura anu kateda wir
éh geuning abdi t
éh dugi ka danget ieu masih teu acan tiasa nembrakkeun kanyaah.

Anu utami nyanggakeun sembah sungkem sim kuring ka sesepuh pinisepuh anu parantos janten cukang lantaran gumelarna abdi dugi ka danget ayeuna. Teu kalis pihatur ka Ua
Ésoh sareng Ua Aip (Alm), Ua Cicih, Mang Adid sareng Bi Ajah, Ua Anot sakulawargi, T
éh
Élis sareng A Dohir, A Adang, Ceu Eros, Bi An
é, Ua Endas (Alm), Ua
Édah (Alm), Ua Usa, Ua Mamah, kum ka sadayana, hapunten teu tiasa kasebat hiji-hiji. Hatur nuhun nu kapihatur, hapunten kana samudaya kalepatan abdi ti lahir tumekaning batin.