WILUJENG SUMPING DI DESA HARIANG

WILUJENG SUMPING DI BLOG URANG HARIANG
Lemboer matoeh bandjar karang pamidangan, poeseoerna katineoeng sampalan kaheman.

Lokasi Pemotretan

Lokasi gambar di Cilembang

Jumat, 19 Februari 2021

 

Langit Panineungan

 


Dina hat
é langit kuring nu wening

béngras beurang kasapu alum halimun

reup bray malih warni

gupay kaasih kasilih geter kasedih

 

Guligah rasa mangsa urang babarengan

sauyunan sabeungkeutan

sareundeuk saigel sabobot sapihanéan

pulas paul jadi gambar panineungan

 

Langit angkeub disimbut halimun

pras pris lir girimis kasedih

katumbiri meulah langit awor jeung cipanon

angin tiis nyulusup na tungtung ati ngagerih nurih kapeurih

lapat-lapat lambak walungan ngagupay ku panineungan


Carita urang

pulas paul dina gambar panineungan

ngalongkéwang nyarungsum galur kapungkur

ngolépat nyipta-nyipta gelarna rasa

nu kiwari hambar leungiteun pamuntangan

 

Kiwari lain bihari

ayeuna lain baheula

aya mangsana datang dipapag ku pangharepan

aya mangsana mulang dijajap ku panineungan

pondok dipitali waton, panjang dipitali walang

keur sono kapegat lalakon

keur senang kudu paturay

mangka iklas dipungkas ku pileuleuyan

 

Pileuleuyan

kantétan carita rundayan mangsa

susah senang

suka bungah

sirna kapegat kecap papisah

pisah....



YP                                                                                                           

Randukurung 11042019

 



                     NOGÉNCANG

 

halimun suku Burangrang

nguniang tina léngkob panineungan

luméngkah bari gugupay

satapak demi satapak

mupus lacak katresna ngajomantara


paroman pias

pasemon alum

nyalindung di suku gunung

nyantél dina wiati kaasih nu moal panggih


di
pupusti saban wanci

diraksa saban mangsa

kanyaah

kaasih

kageugeut

kadeudeuh nu nyangreud pageuh

sulaya

kabéngbat buricak cahya sumirat


nguniang ti Burangrang

mapay-mapay jurang kamelang

kairid angin

kaeurad méga

mawa haté nu marojéngja




YP

            Randukurung 24082018